Sekarang tyas mau posting tentang esey nih, walaupun bikinin orang tapi banyak banget buat tugas apalagi bahasa sunda. So ini tugas esey bahasa sunda. Dari postingan yang terdahulu banyak banget yang cari esey jadi di tambahin deh :D
Cekidot aja :D
Pamungkasna, kamerdékaan kudu diperjuangkeun sapanjang urang masih ngarénghap. Masarakat anu merdéka nyatana masarakat anu henteu daék didikte ku hiji pamadegan, butuh réa pamadegan minangka bahan tinimbangan keur ngahontal kamatengan. Jeung pikeun ngajadikeun urang merdéka, urang merelukeun buku jeung surat kabar anu jumlahna rongkah.
Cekidot aja :D
Buku, Koran,
jeung Masarakat Merdéka
Kamerdekaan, komo nyaritakeunna di
bulan Agustus, ras pikiran kuring ka pasukan pejuang anu mekel bambu runcing
jeung manggul bedil pikeun ngusir penjajah ti lemah cai.
Éta anu diajarkeun di kelas salila
kuring sakola. Kuring jeung murid séjénna mikawanoh Perang Padri, Perang
Diponegoro, Perang Aceh, jeung perang-perang séjénna di taun 1945. Kuring geus
moal bieruk deui ka Pangéran Imam Bonjol, Pangéran Diponegoro, Teuku Umar, Cut
Nyak Dien. Eta téh ngaran-ngaran pahlawan nasional anu natrat dina buku pangajaran
sejarah. Kuring ogé mikawanoh ngaran Moh Toha, tokoh Bandung kidul anu
ngagempur markas Belanda di Dayeuhkolot. Tapi ti perang ka perang téh ahirna
sok éléh waé. Perang Acéh anu panjang jeung héroik ogé ahirna mah kasoran.
Runtuyan adegan héroik minuhan alam
pikiran kuring minangka murid anu diatik di lembaga pendidikan di Indonésia.
Puguh baé murid séjén ogé sarua. Pelajaran sejarah ngarebut alam kemerdékaan ku
nuansa "kekerasan", teu pamohalan lumangsung tug nepi ka kiwari.
Sikep héroik salawasna disaruakeun
jeung manggul senjata, bambu runcing, terus norobos barikade musuh. Teu anéh
upama ayeuna Bung Tomo aya tuguna, pon kitu deui Moh Toha. Lamun saterusna aya
persepsi yén sejarah merjuangkeun kamerdékaan di Indonesia ku kekerasan, urang
teu kudu héran, lantaran pelajaran sejarah di sakola ngagiring murid ka alam
héroik nu mibanda nuansa kekerasan.
Saterusna, dina sajarah Indonesia,
naha aya cara merjuangkeun kamerdékaan salian ku cara kekerasan? Di lebah dieu
pasualanna. Sejarah Indonesia leuir dina nulis perjuangan kamerdékaan
Indonésia. Perjuangan jeung ihtiar ku cara pikiran mah dipopohokeun, demi
ihtiar ku kekerasan meunang porsi dominan. Wajar lamun saterusna Sartono
Kartodirdjo ngritik metode penulisan sejarah di Indonésia, lantaran sok museur
dina peristiwa rongkah anu gampang ditingali ku mata, ari peristiwa leutik
padahal gedé kontribusina dina ngamerdékakeun bangsa Indonesia mindeng
kapopohokeun.
Untung pisan bangsa urang boga
Pramudya Ananta Tour jeung Ajip Rosidi. Dua tokoh ieu kalintang gedé jasana
mukakeun panon urang pikeun ningali cara séjén bangsa urang dina merjuangkeun
kamerdékaan. Ku ayana kaseukeutan jeung katekunan tur eksplorasina, Pramudya
Ananta Tour bisa ngungkab tapak putra bangsa anu kapopohkeun, padahal kalintang
gedé jasana nganteurkeun bangsa Indonesia ka alam pencerahan muru ka alam
merdéka. Taya lian RM Tirto Ahi Soerjo. Pram mere susuluk "Sang
Pemula", lantaran Tirto anu ngalalanyahan babak anyar dina sajarah
persuratkabaran di Indonésia.
Pon kitu deui Ajip Rosidi, bisa ngungkab
tapak Raden Moehammad Moesa, panghulu di Garut anu nganteurkeun masarakat Sunda
ka alam modernitas. Malah sarjana ti Jepang, Mikihiro Moriyama, nyebut dalam
judul bukuna "Semangat Baru". Leupas tina hubunganna jeung kaum
kolonial, Moesa pisan anu mawa masarakat Sunda tina alam takhayul ka alam
rasional, tina tradisi manuskrip kana tradisi citak.
*
Salaku bangsa Indonesia jeung salaku
masarakat Sunda, kuring perlu nulis dua tokoh tadi. Tirto jeung Moesa kungsi
ilang tina sajarah Indonesia, padahal dua tokoh ieu pisan anu mibanda
kontribusi dina nangtukeun arah kamerdékaan Indonesia, anu nepi ka kiwari masih
nyambung, malah baris tuluy-tumuluy. Bisa jadi leuwih ti dua urang, upama
pangaweruh kuring nyangkem khasanah sajarah jeung budaya komunitas étnis
séjénna di ieu lemah cai. Di daérah séjén pasti aya tokoh nu sarimbag jeung
Tirto atawa Moesa dina perjuanganna.
Ku ayana dua tokoh ieu, dina ahir
abad ka-19 jeung awal abad ka-20 bangsa Indonesia ngamimitian léngkahna
minangka masarakat anu muru ka alam moderen. Kamoderanan tangtuna ditandaan ku
budaya baca-tulis. Sanajan harita bangsa urang masih aya dina sengkeran
kolonial, tapi alam pikiran masarakatna geus nunjukkeun kamerdékaan. Pentingna
kamerdékaan mikir jeung ngedalkeun pamadegan.
Éta perkara téh dituduhkeun ku
tarékah perintisan budaya melék baca. RM Tirto Adhi Surjo jeung kawanina pikeun
miskin. Tirto satékah-polah ngalawan arus kawijakan kolonial, nepi ka suksés
ngalahirkeun surat kabar munggaran di Indonesia: Soenda Berita. Ieu
koran lahir di Cianjur, Fébruari 1903, ku ayana pangrojong Bupati Cianjur RAA
Prawiradiredja II (1862-1910).
Tirto anu lahir taun 1880 jeung
wafat 1918, sanajan turunan bangsawan, tapi sikepna nolak arus utama kawijakan
kolonial. Upama turunan bangsawan harita sok sakola di sakolaan Belanda, Tirto
mah milih di sekolah bumi putera. Tirto ogé nolak jabatan di pamaréntahan
Hindia, kalayan milih nulis tur ngarintis gumelarna surat kabar. Kabeneran
Tirto patepung jeung Bupati Cianjur anu sarua mibanda pikiran maju. Bupati RAA
Purwadiredja dipikawanoh minangka bupati anu nolak sistem léntah darat anu
maceuh di jaman penjajahan.
Sikep Tirto ogé henteu éléh héroik
jeung anu manggul senjata tur ngayakeun aksi kekerasan. Malah tapakna lintas
generasi. Sanajan ayeuna geus jaman internét, Koran masih jadi ciri masarakat
modéren. Tapi sikep héroik Tirto kapopohokeun dina sajarah. Duka kumaha
metodologi penulisan sajarah téh, boa kaliru sakumaha anu digugat ku Sartono
Kartodirdjo, atawa mémang aya tendensi politik sajarah anu haying ngerdilkeun
peran Tirto. Upama pamaéintah kolonial ngerdilkeun Tirto bisa ku urang kamalum,
tapi lamun pamaréntah orde lama, orde Seoharto nepi ka pamaréntah ayeuna,
tangtu mangrupa kakaliruan anu rongkah.
Sawatara Koran anu dirintis tur
dikokolakeun ku Tirto antarana Pembrita Betawi (harian), Tirto salaku
redaktur. Soenda Berita (Mingguan, 1903), Tirto salau pendiri jeung
pemilik, Medan Priaji (mingguan), Tirto salaku redaktur kepala. Soeloeh
Keadilan (bulanan), Tirto salaku direktur, Poetri Hindia (dua mingguan),
Tirto salaku direkturna.
Moehammad Moesa anu lahir leuwih
tiheula batan Tirto Adhi Surjo, 1822 sarta wafat 10 Agustus 1886, milih cara
anu béda dina nyanghareupan kawijakan kolonial. Moesa kooperatif jeung arus
kawijakan kolonial. Tapi, sikap kooperatifna, sanajan disebut aya kapentingan
agénda politikna sorangan, tetep mawa manfaat pikeun masarakat Sunda. Ketakna
ngadobrak tradisi manuskrip kana tradisi citak mangrupa kawani anu henteu
dipibanda ku sing saha baé anu hirup sajaman jeung Moesa.
Moesa lain baé nulis karya sastra
anu monumental saperti Panji Wulung, tapi ogé masalah-masalah anu
dibutuhkeun ku masarakat, saperti perkara tatanén, berbahasa, tatakrama. Hal
éta ogé saterusna dijalankeun ku Tirto dina koranna, ku cara ngabuka rubrik
saperti resép masak atawa tatanén. Karya-karya Moesa antarana Wawacan
Wulangkrama (pangajaran tatakrama), Wawacan Wulang Tani (pangajaran
keur Petani), Elmoe Nyawah (pangaweruh ngolah sawah tadah hujan), Wawacan
Wulang Murid (Pangajharan keur murid), Wawacan Wulang Guru
(pangajaran keur guru).
Naon rupa anu dirintis ku dua tokoh
ieu, mangsa Indonésia masih aya dina sengkeran penjajah, meunang pangbagéa ti
masarakat. Hartina, saméméh aya pamaréntah Indonésia, media massa, basa
Indonésia pon kitu deui Sunda, boh koran, majalah jeung buku, bisa disebutkeun
mekar kalayan subur.
Pék baé ilikan dumasar kana Katalog
Majalah Terbitan Indonésia koléksi Perpustakaan Nasional jeung Surat Kabar
koléksi Perpustakaan Nasional 1810-1984 anu dicatet ku Ajip Rosidi, di tiap
daérah di Jawa Barat, subur majalah anu dipedalkeun ku swasta. Di antarana Djadjaka
Pasoendan (Bogor, 1919-1920), Al Imtisal (Tasikmalaya, 1927-1939), Atikan
Ra'jat (Garut, 1931), Mitra (Bogor, 1934-1940), Al Mochtar
(Tasikmalaya, 1933-1940), Kaboedajaan Oerang (Bandung, 1936-1941), Papaes
Nonoman (Jakarta, 1914-1918), Poesaka Soenda (Jakarta, 1922-1928), Parahiangan
(Jakarta, 1929-1941), Tjahaja Pasoendan (Bandung, 1914-1917), Banteng
Priangan (Bandung, 1929-1932), Bidjaksana (Bandung, 1933-1934), Al
Moe'min (Cianjur, 1932-1939), Sekar Roekoen (Jakarta, 1921-1926), Sinar
Pasoendan (Bandung, 1933-1942), Padjadjaran (Bandung, 1918-1923), Pasoendan
(Bandung, 1929-1942), Priangan (Bandung, 1940-1941), Sipatahoenan
(mimitina di Tasikmalaya, tuluy pindah ka Bandung, 1924-1942), Soerapati
(Bandung, 1923-1926), Sora Merdéka (Bandung, 1920), Taufieq
(Sukabumi, 1936), Timbangan (Tasikmalaya, 1937-1938), Tirtajasa
(Bandung, 1929-1934), Toembal (Tasikmalaya, 1938-1941). (Ajip Rosidi
dina Tantangan Kemanusiaan Universal, Kenangan 70 Tahun Dick Hartoko,
Kanisius, 1992).
Demi tapak Tirto Adhi Soerjo anu
medalkeun Koran munggaran Soenda Berita, ogé ngainspirasi masarakat Jawa
Barat keur edalkeun media massa cetak (Koran jeung majalah). Nurutkeun katalog
surat kabar koléksi perpustakaan nasional anu dicatet Ajip Rosidi, tingkunian
Koran jeung majalah basa Indonésia. Kacatet diantarana Boelan Poernama
(Bandung, 1929-1932), Fikiran Ra'jat (Bandung, 1932-1933), Falsafah
Islamijah (Sukabumi, 1936-1937), Istri Merdika (Bandung, 1923), Kemoedi
(Bogor, 1934-1935), Pembela Islam (Bandung, 1929-1935), Pena Istri
(Garut, 1932), Pengetahuan Islam (Purwakarta, 1935-1936), Penyoeloeh
Rajat (Bandung, 1931), Penoendjoek Jalan Hak (Majalengka, 1922), Perdata
(Bandung, 1926), Persatoean Hidoep (Bandung, 1930-1940), Pertoendjangan
(Tasikmalaya, 1930-1931), Pewarta Perserikatan Normaalschool (Bogor,
1919-1940), Poetri Hindia (Bogor, 1909-1911), Sendjata Pemoeda
(Garut, 1932-1939), As-Sjoero (Majalengka, 1929-1937), The Soebang
Weekly (Subang, 1925-1941), Soeloeh Indonesia Moeda (Bandung,
1927-1932), Asia Baroe (Sukabumi, 1933-1940), Berita Periangan
(Bandung, 1938-1939), Berita Oemoem (Bandung, 1937-1942), Cheribon
Revue (Cirebon, 1936-1938), Eco (Bandung, 1938-1939), Fadjar
(Cirebon, 1921-1922), Ichtiar (Tasikmalaya, 1928-1936), Kaoem Kita
(Bandung, 1924-1925), Kaoem Moeda ((bandung, 1911-1940), Kedaulatan
Rakyat (Bandung, 1932-1938), Koemandang Masjarakat (Cirebon,
1938-1940), Matahari (Bandung, 1921-1922), Mimbar (Serang,
1919-1920), Mimbar Ra'jat (Garut, 1925), Nicork Express (Bandung,
1935-1942), Pekabaran (Tasikmalaya, 1928-1929), Pemberita
(Cirebon, 1927-1940), Perbintjangan (Bandung, 1936-1937), Pertimbangan
(Bandung, 1916-1917), Priboemi (Cirebon, 1921-1922), Sedar
(Bandung, 19301932). (Ajip Rosidi, Tantangan Kemanusiaan Universal, Kenangan
70 Tahun Dick Hartoko, Kanisius, 1992).
Upama ku urang diitung, anu kacatet
dina katalog baé pikeun média basa Soenda di Jawa Barat anu medal antara 1914
nepi ka 1941, aya 25 terbitan. Demi koran jeung majalah basa Indonésia anu
medal antara taun 1903 nepi ka 1942, medal 41 terbitan. Teu pamohalan aya anu
henteu kacatet dina katalog. Di provinsi séjén ogé bisa jadi sarua suburna.
Oplah masing-masing media mémang henteu kacatet. Tapi jumlah anu medal, upama
dibandingkeun jeung jumlah penduduk harita, bisa nuduhkeun kapunjulan gairah
maca.
Anu perelu dilenyepan, dina awal
abad ka-20, bangsa Indonesia tacan aya tanda-tanda baris leupas tina sengkeran
penjajah. Pamaréntah Kolonial ogé dina politik kabudayaanna henteu mere ruang
anu laluasa pikeun tumuwuhna buku jeung média. Balai Pustaka ngadeg saukur
gagang politik étis Belanda, pamedalanna dikontrol sawates carita-carita
klasik, carita rayat daérah, tarjamahan tina literature barat , kakara wé
saterusna karya-karya kasusastraan anyar.
Sanajan politik kolonial tacan mere
ruang anu laluasa, masarakat henteu nyerah, tetep medalkeun buku, majalah,
jeung koran. Awal abad 20, bisa disebutkeun pamedalan buku, majalah jeung koran
beuki undak. Di kalangan penulis, penerbit buku jeung media citak, ogé
masarakat anu macana, sigana di alam pikiran harita, cita-cita kamerdékaan anu
munggaran kudu dipinuhan téh nyatana daya intelektual, diasah jeung diuji
ngaliwatan wacana di média.
Hal éta bisa ditingali dina generasi
1945, mangsa Indonesia leupas tina penjajah, lahir tokoh-tokoh anu sacara
intelektual kalintang dihormat ku bangsa séjén, kaasup ku penjajah.
Ngaran-ngaran saperti Soekarno, Iwa Kusuma Sumantri, Sjahrir, Hatta, Djuanda,
Tan Malaka, Agus Salim, Mr Roem, jeung tokoh-tokoh séjénna, teu pamohalan ti
leuleutik alam pikiranna geus dipangaruhan ku bacaan-bacaan anu medal dina pada
awal abad ka-20. Ngaran-ngaran sastrawan ogé, saperti Ajip Rosidi, Chairil
Anwar, Sutan Takdir Alisyahbana, Akhdiat Kartahadimadja, HB Jassin, jeung anu
séjénna, bisa dipastikeun dipinuhan ku buku jeung média ti jaman keur budak
mula.
Saterusna, kumaha mangsa ayeuna,
sabada urang leupas tina penjajah? Naha buku, majalah, surat kabar, tina eusi
jeung jumlahna sabanding jeung jumlah padumukna? Deui-deui, politik kabudayaan
anu dimekarkeun ku réjim Soeharto, malah sabalikna siga nu ngabinasakeun
tarékah masarakat dina mangsa awal abad ka-20. Pamedalan buku jeung media massa
dikontrol ku kakawasaan. Karya-karya Pramoedya Ananta Toer dianggap ngaracunan
masarakat, majalah jeung koran hiji-hiji "dipaéhan" lantaran ngancam
stabilitas kakuasaan. Indonesia raya, Pedoman, Sinar Harapan, Majalah Tempo,
Editor, Detak, dicabut "nyawana". Malah Kompas ogé kungsi
ngalaman nasib anu sarua, eureun medal samentara waktu. Politik kabudayaan
Soeharto ngarampas intelektual masarakat, anu antukna ngamiskinkeun alam batin
jeung alam pikirna.
Sabada réjim Soeharto tumbang,
masarakat kudu ngalalanyahan deui ti enol dina ngamekarkeun bacaan. Urang
mémang prihatin, buku-buku buah tangan penulis bangsa urang, masih jauh
dibanding karya tarjamahan. Minangka léngkah munggaran, sanajan résikona bangsa
urang réa dipangaruhan ku alam pikir penulis luar, mémang henteu pati
pikahariwangeun, asal penerbit henteu pareum sumangetna pikeun tetep ngali
jeung medalkeun karya-karya penulis bangsa sorangan.
Pikeun pamedalan surat kabar, gairah
mémang aya, tapi kamampuh pikeun profesiona anu masih pikahariwangeun téh, boh
dina sikep jurnalistik pon kitu deui manajemen. Anu bisa nanjeurkeun sikep
profésional jeung méré kahirupan pikeun para jurnalisna masih jadi milik
perusahaan pers anu modalna kuat. Hegemoni nu boga modal kana surat kabar téh
aya plus minusna. Plusna média jadi kuat, tapi minusnya, lamun jumlah médiana
bisa diitung, mangka bisa kajadian hegemoni dina nyiptakeun opini di
satengahing masarakat. Padahal fitrah masarakat téh puspawarna.
Pamungkasna, kamerdékaan kudu diperjuangkeun sapanjang urang masih ngarénghap. Masarakat anu merdéka nyatana masarakat anu henteu daék didikte ku hiji pamadegan, butuh réa pamadegan minangka bahan tinimbangan keur ngahontal kamatengan. Jeung pikeun ngajadikeun urang merdéka, urang merelukeun buku jeung surat kabar anu jumlahna rongkah.
Nu
nulis, Pemimpin Redaksi Tribun Jabar
(Ditepikeun
dina Workshop “Jejak Budaya Tulis Bangsa Indonésia”, 6 Agustus 2009, di
Landmark Convention Hall, Jl. Braga 129, Bandung, dialih-basakeun ku Dhipa
Galuh Purba)
Komentar
Posting Komentar