Hai tyas mampir lagi buat posting tugas bahasa sunda yang lain ini tugas yang baru juga selama seminggu kemarin. Sama seperti artikel bahasa sunda esey pun susah untuk di cari jadi agar teman-teman gampang bisa deh kesini. Bahasa sunda itu hanya di pelajari di wilayah Jawa Barat termasuk kota tyas ini dan kalo udah tugas #argh bahasanya itu lho "maklum" tyas bukan asal Jawa Barat dari kecil juga enggak jadi harap di maklumi kalo susah :( so langsung aja ya :d
Ø Éséy :
MASARAKAT ADAT
PAPAGON dina
masarakat adat mah alam baris méré kahadéan lamun maranéhanana gé ngajaga tur
ngamumulé alam sabudeureunana. Kaarian terus mekar. Sikep mikahormat alam minangka
cecekelan hirup nu diwariskeun di komunitas masfan lokal tetep dipiara najan
jaman terus mekar.
Sikep mikahormat alam minangka cecekelan hirup nu diwariskeun di
komunitas masarakat adat. Mun alam geus ruksak, mangka katingtriman hirup gé
bakal kaganggu. Tapi, ka béhdieunakeun, dina kamekaran jaman nu teu nolih kana
kaarifan, loba lahan adat nu kedéséh. Kadéséh ku pihak-pihak nu hayang ngamangpaatkeun
lahan adat, saperti pikeun villa, pabrik, pakebonan, atawa wangunan séjénna.
Alam masarakat adat nu ngawengku lahan, leuweung, gunung, katut walungan, nu
salila ieu jadi sumber kahirupan maranéhanana, bet jadi saperti nu leungit.
Masarakat adat leungiteun sumber kahirupanana, alatan lahanna geus
dipimilik ku batur. Komunitas masarakat adat di nagara urang teu weléh aya dina
nasib katalangsara. Padahal, masarakat adat sarta nu jadi hak-hakna téh
sakuduna mah bisa hirup kumbuh kalawan tingtrim. Meureun wajar dina mangsa
penjajahan mah mun maranéhanana téh katalangsara. Sabab, sakur jiwa gé ngalaman
katalangsara. Tapi, kacida tragis mun nasib masarakat adat teu robah, tetep
katalangsara, dina jaman urang geus merdéka. Kiwari, teu saeutik aya kajadian
konflik antara masarakat adat jeung pihak-pihak nu ngaku geus miboga lahan
masarakat adat. Nu ngaku miboga, ngarasa boga hak alatan dibekelan hak guna
usaha (HGU). Sedengkeun masarakat adat satekah polah mertahankeun lahanna, nu
dipercaya minangka warisan ti karuhunna. Antukna, prinsip masarakat adat nu
basajan téh kaancam leungit nyanghareupan pihak-pihak nu hawek, nu ukur néang
kauntungan wungkul. Kasarakahan maranéhanana nu teu tanggungjawab téa,
ngabalukarkeun katingtriman masarakat adat kaganggu jeung lingkungan jadi
ruksak.
Ku mindengna kajadian samodel kitu, ngabalukarkeun masarakat adat
mingkin kadéséh. Kitu deui mun pamaréntah netepkeun kawijakan patali jeung
wilayah adat bari teu ngabaud masarakat adat nu geus dumuk ti béh ditu mula di
éta wilayah, tangtu masarakat adat gé baris kadéséh. Padahal, musawarah téh
minangka wujud mihormat ka masarakat adat jeung hak-hakna nu ditangtayungan
ku undang-undang. Sakuduna, tong aya deui kajadian kadéséhna komunitas
masarakat adat téh, boh dina sual lahan boh dina sual kabebasan ngalaksanakeun
adat maranéhanana. Ku sabab nagara urang geus netepkeun undang-undang pikeun
nangtayungan masarakat adat. Éta hal luyu jeung katangtuan internasional, nu
ogé geus diaku ku nagara urang. Dina pasal 6 ayat 1 Undang Undang (UU) Nomor 39
Taun 1999 ngeunaan Hak Asasi Manusia (HAM), kalawan teges nagara nangtayungan
komunitas masarakat adat. Kieu unina téh, “Pikeun nanjeurkeun hak asasi manusa,
perbédaan jeung pangabutuh masarakat hukum adat kudu diperhatikeun tur
ditangtayungan ku hukum masarakat katut pamaréntah”.
Sedengkeun dina ayat 2, unina téh, “Jatidiri budaya masarakat hukum
adat, kaasup hak lahan ulayat, ditangtayungan luyu jeung kamekaran jaman”.
Pon kitu deui, masarakat adat nu kaasup kana kelompok minoritas gé kudu
ditangtayungan ku nagara. Dina pasal 27 Kovenan Internasional ngeunaan Hak
Sipil jeung Pulitik, nyebutkeun, “Di nagara-nagara nu aya kelompok minoritas
dumasar kana étnis, agama, atawa basa, hak-hak éta kelompok minoritas téh tong
diganggu, dina komunitas papada anggota séjén ti kelompok maranéhanana,
enggoning ngararasakeun budaya maranéhanana sorangan, pikeun ngalaksanakeun
jeung ngamalkeun ageman maranéhanana, atawa pikeun ngagunakeun basa
maranéhanana”. Ku kituna, tong aya deui ijin muka pakebonan, pangusahaan
leuweung, atawa kagiatan pertambangan, nu enya-enya ngarempak wates-wates
wilayah lahan adat, nu saenyana mah geus dipimilik ku masarakat adat ti béh
ditu mula. Ogé, ka masarakat adat kudu dibéré kabébasan pikeun
ngalaksanakeun tradisi adatna, kaasup dina ngalaksanakeun nu jadi agemanana.
Hak masarakat adat pikeun ngagem ageman katut kapercayaan luyu jeung
pilihanana téh aya dina pasal 22 UU No. 39/1999 ngeunaan HAM, unina, “Sakur
jalma bebas ngagem agemanana séwang-séwangan tur pikeun ngalaksanakeun ibadahna
luyu jeung ageman katut kapercayaanana”. Dina ayat séjénna ditegeskeun, “Nagara
ngajamin kamerdekaan sakur jalma pikeun ngagem agemanana séwang-séwangan katut
ngalaksanakeun ibadahna luyu jeung ageman tur kapercayaanana”. Kalawan teges
konstitusi geus ngajamin jeung nangtayungan hak-hak masarakat adat. Ku kituna,
nagara wajib ngawujudkeunana. Ulah ieuh aya alesan nagara teu mampuh
ngawujudkeunana. Da saenyana mah pikeun ngawujudkeun kamampuh téh kacida
gampilna, nyaéta ku cara némbongkeun kalawan enya-enya dina kawijakanana
sangkan teu weléh mihak kana kapentingan masarakat adat. Lain mihak kana
kapentingan pihak-pihak nu ngan ukur néang kauntungan wungkul.
Lamun téa mah hak masarakat adat téh dibaékeun, éta hartina nagara geus
ngalakukeun pelanggaran HAM.
Dimuat dina koran Galura Minggu II/ Januari 2008
haha gak ngerti bahasanya tapi nice share .. koment back di www.haztak21.blogspot.com jarang berkunjung ke blog saya nih kalau saya gak koment duluan :(
BalasHapus